Snack's 1967


TANBIH

bismillàhir rohmànir rohìm

Ieu pangeling-ngeling ti Pangersa Guru almarhum Syekh Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad r.a, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniyah.

Dawuhanana: Khusus kangge kasadaya murid-murid, pameget, istri, sepuh anom, muga-muga sing ginanjar kawilujeungan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kabengkahan jeung sadayana.

Oge nu jadi papayung nagara sina tambih kamulyaanana, kaagunganana, tiasa nangtayungan kasadaya abdi-abdina, ngauban kasadaya rahayatna, dipaparin karaharjaan, kajembaran, kanikmatan ku Gusti nu Maha Suci dohir batin.

Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thoriqot Qodiriyah Naqsyabandiyah, ngahaturkeun kagegelan, wasiat kasadaya murid-murid, poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun agama jeung nagara.

Eta duanana kawulaan sapantesna.

Samistina kudu kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung nagara, ta'at kahadorot Ilahi nu ngabuktikeun parentah dina agama jeung nagara.

Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk napsu, kagendam kupanggoda syetan, sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana parentah agama jeung nagara, sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu nyelipkeun dina batin urang sarerea.

Anggur mah buktikeun kahadean sina medal tina kasucian:

Ka 1: Kasaluhureun ulah nanduk, boh saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana, estu kudu luyu akur jeung batur-batur.

Ka 2: Kasasama, tegesna kapapantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun parentah agama jeung nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana pangandika "Adzàbun Alìm", anu hartina jadi pilara salawasna, ti dunya nepi ka akherat (badan payah ati susah).

Ka 3: Kasahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika, henteu daek ngajenan. Sabalikna kudu heman kalawan karidoan, malar senang rasana, gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun kunasehat anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadean.

Ka 4: Kanu Pakir jeung nu Miskin kudu welas, asih, someah tur budi bersih, sarta daek mere maweh nganyatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan, kacida ngerikna ati ari dina kakurangan, anu matak ulah rek kajongjonan, ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu kadaring Pangeran.

Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan sanajan jeung sejen bangsa, sabab tunggal turunan ti Nabi Adam as.

Numutkeun ayat 70 surat Isro, anu pisundaeunana kieu: "Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun sakabeh daratan oge lautan, jeung ngarizkian Kami ka maranehanana anu aya di darat jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun kamaranehanana, malah leuwih utama ti makhluk anu sejena".

Jadi harti ieu ayat, nyaeta akur jeung batur-batur, ulah aya kuciwana.

Nurutkeun ayat tina surat Al-Maidah anu sundana: "Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana. Sabalikna ulah silih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung nagara".

Ari sebage agama, saagama-saagamana.

Nurutkeun surat Al-Kafirun ayat 6: "Agama anjeun keur anjeun, agama kuring keur kuring", surahna ulah jadi papaseaan, kudu akur jeung batur-batur tapi ulah campur baur.

Geuning dawuhan sepuh baheula, "Sina Logor Dina Liang Jarum Ulah Sereg Di Buana", lamun urangna henteu kitu tangtu hanjakal di akhirna, karana anu matak tugenah terhadap badan urang masing-masing, eta teh tapak amal perbuatanana.

Dina surat An-Nahli ayat 112 diunggelkeun anu kieu: "Gusti Allah geus maparin conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nuju aman sentosa gemah ripah loh jinawi, kari-kari pendudukna (anu nyicinganana) henteu narima kana nikmat ti Pangeran, mangka tuluy bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi jeung sajabana, kitu teh samata-mata pagawean maranehanana".

Kulantaran kitu, sakabeh murid-murid kudu arapik, tilik jeung pamilih dina nyiar jalan kahadean lahir batin dunya akherat, sangkan ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan, anu disuprih cageur bageur.

Henteu aya lian pagawean urang sarerea, Thoriqot Qodiriyah Naqsyabandiyah, amalkeun kalawan enya-enya, keur ngahontal sagala kahadean dohir batin, keur nyingkahan sagala kagorengan dohir batin, anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung kupangwujuk nafsu digoda ku dayana syetan.

Ieu wasiat kudu dilaksanakeun kusadaya murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh akherat.


Patapan Suryalaya
13 Pebruari 1956

Ieu Wasiat Kahatur Kasadaya Ahli-ahli

Ditawis Ku Pangersa Guru

Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin


RANGGEUYAN MUTIARA

1. Ulah Ngewa Ka Ulama Anu Sajaman.

2. Ulah Nyalahkeun Kana Pangajaran Batur.

3. Ulah Mariksa Murid Batur.

4. Ulah Medal Sila Upama Kapanah.

Kudu Asih Ka jalama Nu Mikangewa Kamaneh.


Pangersa Guru Almarhum

Syekh Abdulloh Mubarok Bin Nur Muhammad