MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT

Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad Rifa'i:
"Salah sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir maot. Teras pamajikanana ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup deui.

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina alam bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak roh nu dicabut dina poe eta, diwadahan dina wadah ma'nawi sarupi zambil.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung kadieukeun roh bujang kaula si anu ngarana !".

Saur Malakal Maut:
"Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain sakarep-karep kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu disetorkeun ka anjeuna".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Enya, kaula oge terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae".

Saur Malakal Maut:
"Moal tiasa !".

Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.

Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Kalawan kamahabbahan kaula ka Gusti Allah, kadieukeun eta roh bujang kaula !". Bari teras eta wadah arwah teh direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras diucutkeun.

Atuh budal sadayana roh anu kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna.

Tidinya teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci. Piunjukna:
"Beu Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti Abdul Qodir".

Dawuhan Gusti Allah:
"Enya eta Abdul Qodir teh kakasih aing. Bongan roh bujangna kumaneh henteu dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana mawur. Ayeuna maneh hanjakal henteu dibikeun".

***



Old school Easter eggs.