MANQOBAH KA 30 NYARIOSKEUN TAMBANA JALMA ANU DIHEUREUYAN JIN

Dicarioskeun ku Syekh Jalalul Bukhori:
Saha-saha jalma anu diheureuyan jin,baca tompokeun kana ceulina: "yà hadlrotasy syekh quthbul 'àlami muhyil haqqi waddìnis sayyid 'abdul qòdiril kailànì", Insya Allah cageur.

Jeung saha-saha jalma anu sieun kurampog atawa kumusuh,tuluy nyokot taneuh hideung,baca jenengan SAQ dina eta taneuh,tuluy awurkeun kajihat anu dipikasieun tea,Insya Allah diraksa ku Gusti Allah.

Jeung saha-saha anu meunang kasusahan atawa kahesean,tuluy tawasul ku SAQ tangtu ku Gusti Allah kasusahanana diganti kukabungahan, kaheseanana diganti ku kagampangan.

***



Ring ring