Old school Easter eggs.
DZIKRULLOH NGABENDUNG GODAAN SYETAN

Bulan Muharam teh jadi paringetan ayana azab Allah tumiba ka umatna Kanjeng Nabi Nuh as nu dikerem di lautan dilantaran amal perbuatannana, iwal sababaraha urang bae anu salamet.

Urang sing langkung lantip ku ayana godaan syetan, anu balukarna jadi cilaka dunya akherat. Syekh Abdul Qodir oge digoda ku syetan, ngan bae mantenna estu teu tiasa mengpar dumeh kuatna iman, estu tuhu kana parentah Allah swt.

Ka Kanjeng Nabi Adam as syetan teh wanieun ngagoda, komo ka urang sarerea, da syetan teh bisa asup kana lobang getih urang kalawan bebas leluasa, sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw: "Saterangna syetan ngagoda ka manusa merebes asup kana sakabeh liang-liang getih".

Urang ulah boga rasa mokaha pedah geus getol sholat fardhu oge geus getol sholat tahajjud jeung sholat dhuha, daek ngaji jeung getol ibadah, padahal syetan mah teu weleh-weleh ngintip-ngintip, anu akhirna kadang-kadang ibadah urang teh dibarengan bae ria jeung takabur sahingga hayang katangen jeung kapuji ku batur.

Mudah-,mudahan urang jadi manusa anu nyaho kana harga diri pribadi, sabab Gusti Allah geus ngahargaan, sahingga Gusti Allah ngamulyakeun ka putra putu Adam, dibedakeun jeung makhluk sejenna, tapi sabalikna manusa teh, beunghar ku beungharna bet hayang kapuji kabeungharannana, nu bageur ku bageurna hayang kapuji pedah bageurna.

Iman urang kudu kandel, sabab Gusti Allah ngahargaan ka nu kuat imanna. Atuh ana kitu manusa teh can aya nembongkeun baktina ka Pangeran, anu mana Mantenna deudeuh jeung asih ka manusa, kaciri manusa kitu teh can bener-bener kuat imanna.

Sanajan urang manusa dileuwihkeun ti makhluk sejenna, tapi tetep bae eleh ku sato hewan, sabab pangna urang sok miara hayam pelung oge, supaya kongkorongok pikeun ngahudangkeun urang ari waktu shubuh, apan eta teh tandana urang eleh ku hayam, dibejaan ku sato pukul 3 atawa pukul 4 hayam geus kongkorongok ngahudangkeun, tapi tetep urang teu ngagugu, ditambah deui ku kohkol jeung bedug tetep bae kerek. Sihoreng ana kitu manusa teh leuwih goreng tibatan sato, malah hayam mah geus di luar kongkorongokna, tetep bae can sholat, rek sholat kaburu beurang, atuh era ku batur, tungtungna mah teu sholat ieuh.

Mudah-mudahan ku ayana sasih muharam ieu, urang tiasa ngabentengkeun mana anu mashlahat, mana anu maspadat. Sakali deui omat urang ulah boga rasa mokaha dina ayana daek sholat, daek ibadah, daek khotaman, daek dzikir teh teu bebas tina godaan syetan. Kanjeng Syekh Abdul Qodir pernah diuji ku syetan anu pokna teh: "Anjeun geus jadi sulthonna para wali, geus luhur darajat, luhur elmu, naha make daek keneh sholat, daek keneh puasa sagala?". Diwaler ku Tuan Syekh:"Aing moal ngawaro siah syetan. Aing moal mengkol tina tetekon hadits jeung qur'an". Saterasna syetan teh ceurik bari nyarita: "Duh Gusti, lamun kieu mah abdi teh bade masrahkeun diri bae ka salira". Tapi sawangsulna Syekh Abdul Qodir nolak, malah Tuan Syekh parantos nyarios ka santri-santrina yen urang ulah rek ngagugu syetan sanajan parentah syetan eta siga saluyu jeung maraneh ulah rek ngagugu syetan. Kahade omat !.

jadi urang leuwih waspada dina sagala laku lampah, sanajan dina sagala laku lampah, sanajan dina ibadah ka Pangeran, kadang-kadang bari ria, geus komo jeung babaturan. Manusa narajang datangna gogoda syetan, ngadak-ngadak hayang pasea, hayang parebut benca, cacak urang keur ngalobakeun dzikir oge, jol syetan teh ngagoda, pokna: "Naha loba-loba teuing dzikir teh ?", atuh urang teh kakara ge nete kana khusu, kakara ge rek gembleng hate, bet puray deui, nya tuluyna sumarambah pikiran kamana-mana, padahal ari dzikir teh tumpakaneun urang, ibarat kandaraan urang, kakara geu tumpak geus turun deui, da rupa-rupa ari sababna mah, boh ban bitu tea, itu tea, ieu tea, tungtungna tuluy kandaraan teh teu maju-maju, nya kapaksa didorong, nu akhirna mah loba ngadorongna tinimbang tumpakna, teu beda urang keur dzikir loba mengparna tinimbang cengengna.

Rek sholat shubuh kaleked pisan. Dibejaan ku kohkol, ku adzan tetep kaleked bae. Ari jung teh indit ka masjid didorong ku kohkol jeung bedug, didorong deui ku adzan. Jadi mun tumpak mobil teh mobil didorong. Naha daraek salilana urang tumpak mobil nu didorong ?.

Ari dzikir teh diibaratkeun keur ngagiringkeun atawa ngahijikeun lauk. Caina dirojokan, guhana oge dirojokan supaya lauk ngarumpul dina bubu, sabubu, saenggon sabab salawang. Jadi dzikir teh ngumpulkeun ingetan supaya gembleng inget ka Allah. Tapi ari urang kumaha? Urang mah lain ngarojokan caina, lain guhana, tapi bubuna dirojokan, nu akhirna bubuna teh ruksak, atuh geus komo laukna mo bisa kumpul.

Pek dzalikir jahar sina tarik, sina anca, sanada, nu maksudna ngabina sangkan khusu dibarengan dzikir khofi pikeun ngabendung atawa nyegah syetan. Syetan teh sok lengas-lengis, pokna teh: "Cing ulah loba-loba teuing dzikir teh ?".

Urang daek dzikir, daek khotaman teh pikeun naliti bisi boga rasa mokahaan. Rasa mokaha teh kaintip ku Allah, dawuhan Allah dina Al-Qur'an: "Kami ngabarengan maneh di mana-mana", tah urang ge kudu boga rasa dibarengan ku Allah.

Tarekat dieusian ku dzikir supaya ngaku yen aya Allah nu mikawelas ka urang. Nu jadi bapa ge nyaah ka anak, tapi mun anakna teu beunang dipikanyaah mah, eta salah sorangan.

Gogoda syetan moal euweuh salagi dunya aya. Syetan geus sumpah ka Pangeran yen baris terus ngagoda anak incu Adam as nepi ka kiamat. Pikeun ngabendung godaan syetan, nyaeta dzikrullah. Memang beurat ngabendung syetan teh. Rupa-rupa pisan gogodana.

Ari dzikir teh kudu tepi kana parasaan. Papay tempat lathifah atawa lelembutan, sabab eta teh pos-pos nu biasa didatangan ku syetan, dieusian ku iblis. Ulah asa-asa dzikir teh, da lain meunang meuli, lain meunang nganjuk, der bae da eta teh pikeun nguatkeun pertahanan. Sing gerak, sina hirup, ambeh kaala hasilna. Pek geura mun urang macul kalawan teu diulangkeun paculna, naha baris aya hasilna?

Urang terang, pikeun nyingkirkeun syetan teh nyaeta ku dzikir, tapi ngan sakadar terang wungkul mah teu aya gunana. Geura, pacul ge mun ngan dipanggul mah moal aya hasilna.

Kanjeng Nabi Adam as didamel tina ngagemleng taneuh. Ceuk sakaol ti Palestina, tuluy kapanasan kaanginan. Dina salila 38 taun dibanjur ku cai musibat, jeung 2 taun dibanjur ku cai nikmat, nu matak ka urang oge loba pisan gogodana tinimbang luginana.

Laku lampah urang asal tina 4 anasir. Mun urang gede ambek, eta teh gede teuing seuneuna. Mun urang loyor toloheor, eta teh loba teuing caina.

Ari sholat, eta teh nembongkeun tumarima kana nikmat ti Pangeran. Mun sok sholat tapi resep pasea, iraha atuh nembongkeun tumarima kanikmatan ti Allah, da kana umur mah teu aya nu terang, duka isuk, duka pageto. Urang sing ngaraos nikmat dina sholat, margi ku Allah baris dibales ku kanikmatan, tapi omat ulah diarep-arep. Pedah eta daek sholat tahajud jeung sholat dhuha, mani diperhitungkeun, sahingga nganaha-naha bet rizki teh teu datang-datang. Boa Allah teh sulaya tina jangjina? Moal, para saderek, Gusti Allah mah moal sulaya, eta tergantung ka sikap urang. Gunakeun kasempatan ku pinuh tumarima ka Allah. Urang sagala bisa ti Gusti Allah. Babacaan ge ti Gusti Allah. Ulah rek nalengteng kana pahala, bet kawas jual beuli. Naha Pangeran teh tukang dagang kitu? Rajeun sholat bet menta bati. Amal perbuatan teh dipake buburuh.

Urang kudu boga rasa kaponcongok ku Gusti Allah, boga rasa babarengan jeung Gusti Allah. Ari ieu kumaha? Ari Pangeran ngabarengan ka urang tapi asa teu katiten bae mun ngalakukeun kalakuan teu bageur teh. Prak dzikir ulah make itungan. Nu bodo, nu pinter, pek dzalikir supaya saladar salaku abdina Allah.

Ari dziki teh ibarat keur nguseup. Ari useup tea aya tali, jeujeur, useup jeung eupan. Tanpa lengkap anu 4, moal arek bebenangan. Kudu kumplit. Jeujeur kudu leuleus, ulah ku tangkal haur nu jeugjreug. Talina anu liat, ulah ku bagedor anu rapuh, da bagedor mah ku beunteur ge pegat. Kapan ayeuna mah aya kenur geuning. Useup ulah tingaal ruruhit supaya teu lesot deui laukna. Eupanna sina alus.

Leuleus jeujeur hartina luyu diri kana ibadah, teu kudu dikohkolan bae, kapan ari heuras mah jegjreg awakna, sanajan dibedugan ge heuras bae teu daek indit. Geus komo hudang ti peuting mah, teu weleh kapiheulaan ku banceut bae. Talina nu liat, nyaeta kenur, hartina "kanurin" atawa cahaya dzikir khofi. Kenur teh nu labas, ulah loba tumbuna, anu hartina ulah loba elodan. Saur kasepuhan Pa Haji Adimaja mah: "Kudu leuleus jeujeur liat tali, raos dipecatkeunnana". Sing anteng dzikir teh ulah luar-leor. Mun nguseup teu cicing, teu tuhu, moal aya anu nyangut, atuh dzikir ge pon kitu deui kudu anteng cicing, khusu, sugan bae aya anu nyangut, ulah keuna ku gogoda, sabab aya kalana keur nguseup teh ana durugdug aya anu nyangut, marukna lauk, sihoreng kuya atawa gebog palid atawa rerenteng pisan. Tah dzikir ge sing anteng, ulah disangut ku godaan syetan ku nu teu diharep ku urang.

Kumaha geura, rajeun teh urang mah sirah tungkul, tasbe muter, bet disangut ku ngitung duit, disangut ku nagihan. Kumaha atuh sangkat anteng tur disangut ku nu dimaksud, taya lian kudu bisa ngabedakeun. Ari disanggut ku rerenteh mah pasti pabeulit, atawa mun dzikir mah nundutan, cul tasbe tuluy bae kerek. Ari nguseup ngarah naon? Kapan ngarah lauk. Ari lauk teh nyaeta diibaratkeun mahabbah ka Pangeran.

***
Dicutat ku Abdul Ghoets tina Sintoris, manaqiban 11 Muharam 1390 H / 18 Maret 1970