MEUNANGNA HIDAYAH KUSABAB PAGEUH MUNTANG KA MANTENNA
Allah ngadawuh dina surat Ali-Imron:
اعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم
ومن يعتصم بالله فقد هدى الى صراط مستقيم
a'uudzu bil-laahhi minasy-syaithoonir-rojiim
bismillaahhir-rohmaanir-rohiim
wa may-ya'tashim bil-laahhi faqod hhudiya ilaa shiroothim-mustaqiim
Hartosna:
"Sing saha jalma anu pageuh, kuat, teguh muntangna ka Allah, pasti dibukakeun hidayah, dituduhkeun kana jalan anu lurus, anu ajeg, anu panceg, anu membawa salamet, bagja, waluya dunya akherat".
(Ali Imron: 101)
Kudu dipikahayang ku urang sadayana, yen dina pitulung Allah, aya dina tuntunan Allah, tapi syaratna kudu pageuh muntangna, kuat nyepengna, buleud tekadna, teu galideur, ulah kaweur, kakarek urang bisa meunang pituduh ti Pangeran, ari kitu mah hampang, hampang teu berbobot, teu kuat, teu puguh, teu pengkuh, alah...boro-boro dibukakeun?. Jadi eta ayat teh nganyatakeun yen aya syaratna, nyaeta kudu muntangna ka Allah swt. Ayeuna kudu urang usahakeun sing tiasa pageung muntangna ka Pangeran, sing kuat, sing teguh. Kumaha carana? Teu aya deui nyaeta kudu muntang kana kalimah Allah:
فقداستمسك بالعروة الوثقى
faqodis tamsaka bil 'urwatil wutsqoo
"Saenyana pageuh muntangna manusa teh kudu ku urwatul wutsqo".
Ari urwatul wutsqo teh numutkeun dawuhan Nabi:
كلمة لا اله اﻻ الله كلمة عروة الثقى - كلمة مفتاح الجنة
"Ari kalimah la ilaha illalloh urwatul wutsqo, nyakitu deui disebut kalimah miftahul jannah".
Jadi hasilna mah nya eta kuat, pageuh, teu lesot-lesot deui.
Tah nu ku urang kudu diusahakeun nyaeta supaya ulah loba teuing lesotna tibatan nyangreudna. Ari eta kalimah kuat pageuh nyangreud dina badan urang, matak meunang hampura Allah. Sakumaha dawuhan Nabi:
من قال
لا اله اﻻ الله ومدها بالتعظيم غفرله اربعة اﻻف ذنب من الكباءر
"Saha jalma anu ngucapkeun kalimah la ilaha illallah bari nyangreudkeun eta kalimah maksud ngagungkeun ka Allah, nyangreud atawa ngeusi, manehna teh dihampura 4000 dosa gede", sakali dzikir, komo mun loba. Hartosna kudu nyangreud, kudu pageuh, kudu kuat, ulag lesot-lesot (laa angfishooma lahhaa).
Ulah lesot-lesot. Tah ngan kari eta nu kudu ku urang diusahakeun teh. Cara ngusahakeunnana kumaha?
Urang geus biasa ngagunakeun. Ngan Abah bade nerangkeun katertibannana, supaya urang mingkin berhasil.
Kahiji:
Dina dzikir bareng sing karaos nikmatna, ulah patonjol-tonjol sora dugika matak ngagokkanan kanu sanes.
Kaduana:
Ulah pagancang-gancang supaya mingkin tepat ngareusina.
Katiluna:
Dina waktu berjama'ah sholat, terutama dina peuting, ulah digunakeun tarik-tarik, terutama urang nyanghareupan tamu anu keur sarare, pribadi we masing-masing di mana bade berjama'ah dzikir.
Ieu mah katertiban, supaya urang mingkin kuat, mingkin pageuh. Dina enggoning urang keur tawajuh sing teleb, sing lila, ulah gancang eureun, jadi lamun masakan mah encer deui. Dina keur tawajjuh teh aya puluh menitna, malah langkung lami deui ba'da sholat shubuh dugika kaluar panon poe (hattaa tathlu'asy-syamsu), jadi sahingga tepi kaluarna panon poe, disambung ku isroq. Tah ieu gunakeun ku urang, kacuali lamun aya amalan nu saimbang seperti urang keur kuliah subuh, atawa aya kaperluan anu bener penting, jadi teu matak ngagunasika. Ari kitu mah digunakeun sakadar hayang gancang nyaneut, hayang gancang ngobrol, atuh jadi cair deui, jadi moal pageuh-pageuh muntangna. Sedengkeun meunang hidayah ti Allah teh ku syarat kudu pageuh muntangna.
Tah keur cara mageuhkeun eta, boh dina memeh shubuhna, atawa terutama ba'da shubuhna dugi ka kaluarna panon poe, sambung ku sholat isroq, nyaeta sholat kaluarna panon poe, anu urang sarerea enggeus biasa ngamalkeunannana. Maksudna ieu mah supaya mingkin tartib tur cepet hasil, terutama dina ba'da shubuh ulah sok gancang bubar, boh nuju di masjid, boh di madrasah, urang keur ngeusian dina hate teh ulah dugi ka teu aya pisan tapakna. Sedeng lathifah teh aya tujuh: qolbi, ruhi, sirri, khofi, akhfa, nafsi jeung qolab. Urang kudu menta dituduhkeun di mana tempatna lathifah masing-masing, maksudna supaya ka eusi, mun ti luar nu diucapkeun, nu ti jero dieusian supaya mingkin pageuh, mingkin kuat, mingkin teguh, teu galideur, teu kaweur, akhirna buleud tekadna, tangguh imanna, berbobot jiwana, estu wungkul gumulung sumujudna ngan ka Alloh swt.
فقد هدى الى صراط مستقيم
Pasti Allah nuduhkeun kana jalan anu bener, anu matak terbuka bagja, waluya dunya akherat, ngan syaratna kudu pageuh.
Tah keur mageuhkeun ieu kudu diandelkeun pedah urang berjama'ah bae, keur nyorangan oge usahakeun, terutama dina waktu peuting, ba'da tahajud sing seueur dzikir supaya karaos, mingkin lila mingkin ngeusi, mingkin lila mingkin mantep, lain keur nu bodo melulu, anu pinter oge, nu keur nyaho, 'alim ge sarua, kudu ngusahakeun, kudu ngalobakeun dzikir kalayan tartib, sabab lamun teu kitu moal kagugahkeun rasana, moal kapendak daekna.
Ari dzikir teh asalna nikmat (daek):
واصل الذكر التلذذ والحلاوة
Asal dzikir teh nikmat, jadi urang teh keur ngagali kanikmatan. Urang sarerea lain teu meunang kanikmatan ti Allah, ngan teu karasa ku sabab poho, padahal unggal poe ngarenghap, unggal poe bisa ningali, pan eta teh nikmat? Nu matak kanikmatan teh ngaitna, nyantelna, pageuhna, tah kusabab mindeng rumasa.
Keur musim halodo kamari ieu, ku Abah disebarkeun du'a supaya urang dipaparin hujan. Saparantos dikabul urang sami-sami nyanggakeun rasa syukur kana nikmat Allah swt, tah kudu kitu, sabab ku ayana hujan kadang-kadang jadi amarah, aral subaha pedah sawah rempag, balongna limpas, alatan ku lantaran manahna poho kana ngersakeun, numawi hayu urang dzalikir ka Gusti Nu Maha Suci, supaya urang kenging kanikmatan anu abadi.
Ngadu'a unggal shubuh, du'ana geus pada terang:
الهم اسقنا الغيث والرحمة وﻻ تجعلنا من القا نطين
Tah dina tungtungna teh:
وﻻ تجعلنا من القا نطين
"Ulah dijadikeun abdi jadi manusa anu putus asa" ku pedah halodo, teu hujan, ngan syaratna:
اعتصام
"Pageuh", jadi dina pageuhna ku urang kudu dibiasakeun, ulah pageuh keneh kanu sejen batan ka Pangeran.
Ari kanu sejen mah mani belaan nyangreud, teu pedah urang keur ibadah, teu pedah urang keur ulin, ih...nyangreud deui, malah nyangreudna dina urang keur sholat.
Naha ari ka Pangeran mah mani hampang pisan dina ngusahakeunnana karasa beurat saeutik tapi lega. Hartina saeutik: Bahasana ngan saeutik, tapi cara ngusahakeunnana puluh taun dialaman ku urang, ih...kitu keneh-kitu keneh, ih...beurat lamun henteu diperhatikeun, nu matak kudu diperhatikeun, saindeng-indeng, yen kaayaannana bertahap-tahap. Tah ieu teh kudu kaeusi kabeh. Sabab teu kaeusi, lamun ku urang teu diusahakeun, nu matak kajeun urang keur di masjid, hate mah ngaleos we kamana mendi. Eta teh kusabab manehna, eta teh. Jadi teu beunang diusahakeun ku batur supaya aya eusina, teu beunang sakadar dipapatahan ku batur, tapi diapalkeunnana oge diusahakeunnana teu bisa lamun teu diperhatikeun ku sorangan.
Ayeuna mah anu diharepkeun sing bener-bener karaos. Amalan urang bae, sing mantap, da moal kapanggih, sabab ngamalkeun dzikir teh keur ngabukakeun hiji cahaya anu bakal nerangkeun ka urang sarerea tina jalan anu mana anu bener, jeung mana anu salah, jadi urang mah teu bisa misahkeun, nu bener dilakukeun, nu salah disingkirkeun.
Dawuhan Sulthon Aulia:
الذكر نار والذكر نور
"Ari dzikir teh seuneu", keur ngaduruk sagala runtah-runtah, sagala alaik-alaik nu bakal mengkolkeun, mengparkeun dina diri urang, dina tujuan urang.
والذكر نور
"Ari dzikir teh cahaya", keur nerangkeun, keur nyaangan sagala laku lampah anu hade. Nu matak gunakeun dzikir supaya urang bisa kacaangan, salilana henteu sabab, boh sabab pikiran, boh sabab ucapan atawa sabab kalakuan, sabab kakurung ku cahaya dzikir, kasorot ku cahaya dzikir, katuduhkeun ku rasa-rasa dzikir.
حتى يحصل انوار الذكر فى بواطن الذاكرين
"Sahingga bisa ngahasilkeun cahayana dzikir dina bathin-bathinna diri nu keur dzalikir". Tuh, dzikir teh kitu.
Akhirna mudah-mudahan Allah ngalimpahkeun taufik, urang sing jadi manusa anu aya dina ridho Anjeunna, sing jadi manusa anu ta'at kana parentah Anjeunna, sing jadi manusa anu disalametkeun ku Anjeunna, sing jadi manusa anu aya dina lindungan Anjeunna, para luluhur, para gegeden, para ulama, para aulia, muslim, nyaeta supaya urang kabawa salamet, di dunya jeung di akherat, amin yaa Robbal 'alamin.
Du'a akhir:
ربنا افتح بيننا وبين قومنا بالحق و انت خير الفاتحين
Amin ya robbal alamin
Assalamu 'alaikum wr.wb.
***
Dicutat tina : Sintoris
Manaqiban :
11 Jumadilawal 1412 H
17 Desember 1991 M