Pair of Vintage Old School Fru
KUDU TAWAKAL DINA NYANGHAREUPAN UJIAN

Sing terang kalayan yakin, manusa meunang bagja teh kudu ngalaman heula musibah ti Pangeran, dicoba, diuji, teu jol kitu bae jelegedeg, kahayang ngadadak untung, teu aya we. Komo deui rek jadi pimpinan ageung, kalayan ngayakeun syarat Rosul, nya syarat Allah aya bae. Tapi teu perlu dicekcokkeun, direndengkeun atuh. Urang teh henteu ieuh kitu, kadinya lumpatna. Ieu mah sautak-saeutik ngucuwes bae. Aya anu kana khataman oge tepi ka bubar, diudag ulah. Sing taluk, da urang teh ibadah. Aya oge di antara urang nu ngajak sobar, tawekal, kuat kana ngalakukeun ibadah, da keur urang, lain keur batur atawa keur deungeun, naon alesannana? Geus teu aya alesan anu matak ngajadikeun urang kudu mundur, disingkirkeun bae.

Anu diterangkeun dina Al-Quran ngeunaan kisah Nabi Yunus a.s, anjeuna kenging musibah teh dina jero beuteung lauk anu poek mongkleng, sahingga dirina ngajerit ka Pangeran:

laa ilaahha illa angta subhaanaka innii kungtu minadzh-dzhoolimiin.

Eta ayat sok dibaca ku urang dina unggal khataman, nyaeta lain sakadar ku urang dibaca bae. Nya alus dibaca leleb. Mudah-mudahan anu dibaca ku urang teh tiasa dipahami, sanggeus dipahami dihayati, diresapi, sahingga geuning kitu anu rek ngabukakeun bagja teh, anu erek nyingkahkeun tina popoek teh, anu arek ngeuweuhkeun tina rurupek hate teh, kudu ngagunakeun:

laa ilaahha illa angta subhaanaka innii kungtu minadzh-dzhoolimiin.

Innii kungtu, tungtungna teh: Sayaktosna abdi Gusti, minadzh-dzhoolimiin: anu pinuh ku kadoliman.

Teu pantes nabi aya teu kaduga teu bener. Ngaranna ge nabi, ngaranna ge rosul, tapi kumargi rek norobos kana kabagjaan, jalanna kudu eta, aya karumasaan dibalikkeun kana diri, ayeuna teh pinuh ku kadoliman.

Cacak nabi kitu, cik urang mah komo. Lah ieu mah cengeng. Malah kamari mah dina khataman, dompet teh pinuh ku bako, ayeuna euweuh... mundur. Tah jadi teu pantes. Nabi mah ngajerit. Ari keur datang kokoro, keur datang rurupek, keur datang susah bingung teh ngajerit. Naha urang teu hayang nyebutkeun kitu dina hate? Sabalikna rasa teh alus, getol, hade, pinter, loba kanyaho. Ya Allah, ya Robbi, moal kabuka kamana-mana oge, moal. Tah nu matak, ngagunakeun laa ilaahha illa angta: teu aya Pangeran anu wajib disembah salian ti Gusti, subhaanaka: Maha Suci Salira, innii kungtu minadzh-dzhoolimiin: sayaktosna abdi pribadi pinuh ku kadzoliman. Eta teh para nabi, kitu eta rata-rata:

robbanaa dzholamnaa angfusanaa wa illam taghfir lanaa wa tar hamnaa lanakuu nanna minal khoosiriin.

Di dinya norobosna, terbukana tina poek kana caang sanggeus karasa pepelingna, asa dolim, rumasa salah, rumasa loba dosa, ngarumasakeun tara daek pindah, kitu jeung kitu bae.

Bakal terbuka kabagjaan ari nu ngeusi kana rasa mah, aya kabisa, aya kanyaho, pinter, sumujud, hate tunduk, hate patuh, tumut, teu kasisi teu kagigir deui, estu wungkul gembleng tungkul: laa ilaahha illallooh.

Rek ka mana atuh lamun lain ka Gusti Allah, boh bisi urang diparengkeun ku Gusti Allah dijadikeun jalma anu beunghar bari jeung pinter, oge bari boga pangkat, nganyatakeun diri lillahi ta'ala, sujud ka hadirat Allah swt, sabab lamun teu kitu urang dianggap mengkol, mindah-mindah waktu.

Cik atuh peuting teh dipake ibadah, inget wengi teh dipake isro, dipake lumampah, dianggo berjuang kana kasaean di jalan Allah, teu ka sisi teu ka gigir, iwal wungkul ka Gusti Allah, malah urang ngagunakeun tobat saperti nabi.

Nabi Adam midamdam ngarumasakeun pinuh ku dosa, anu didawuhkeun ku anjeunna:

robbanaa dzholamnaa angfusanaa wa il lam taghfir lanaa wa tar hamnaa lanakuu nanna minal khoosiriin.

Ngait kana jero hate, tembus kana jantung, ngarumasakeun pinuh ku dosa. Anjeunna mah anu dirumasakeun teh ngan dosa bae, cacak nabi. Naha ari urang, anu pinuh ku dosa, anu pinuh ku teu bener, naha teu hayang ngarumasakeun pinuh ku dosa? Kadang-kadang teu hayang dihampura ku Allah, rumasa hina pinuh ku dosa, abdi teh rumasa pinuh ku dolim, dolim kana diri pribadi, anging Salira Gusti anu bakal ngahampura, di antarana kitu, rumasa pinuh ku dosa, rumasa pinuh ku salah, para nabi ge kitu umumna teh, ari urang teu boga rasa rumasa kana salah, asa teu boga dosa bae.

Eta gunakeun dina tengah peuting teh keur ibadah, lobakeun maca istighfar, lobakeun dzikir, khataman. Pabeubeurang gunakeun kahadean ka sasama, nu matak kudu dimangpaatkeun beurang peuting teh dipake ibadah ka Allah, terutama urang nyonto ka Kanjeng Nabi, anjeunna diisrokeun teh dina tengah peuting, sihoreng lumampah kana jalan kahadean teh ku ayana jempling pikiran, iwal ti wungkul sumujud ka Gusti Allah.

Gangguan jeung godaan mah moal leungit, urang oge sok nguping dina lalakon isrona Nabi, nyaeta setan ti hareup, ti kenca, ti katuhu ngarongrong ka anjeunna. Da anjeunna mah teguh. Ari urang mah lain. Boro-boro make dihalangan, henteu oge make dilayanan, neangan layan. Pikiran teh mengkol sakitu keur sholat oge. Rek sholat aya nu ngahalangan, tong waka cenah, nurut bae. Tah eta teu kuat ku gangguan. Naon sababna? Kudu sing terang, eta sababna teh urang teu bener-bener dzikirna. Ngan dzikir atuh anu bisa nyingkahan sagala gogoda:

dzikrillaahhi hishnum minasy-syaithooni wa baroo-a tum minan nifaaqi.

Dzikir jadi jalan urang, nu sok bisa nyingkahan, nyingkirkeun eta gogoda, ngan urangna lengke, puguh-puguh keur aya gawe dzikir teh tilu kali oge cukup, teu ieuh dilakonan deui, ngeunah bae teu aya tapakna, malah sapoe sapeuting teu aya eureunna gogoda teh. Ari urang ngandelkeun dina waktu keur sholat, bari seueur ditunda deuih, leukeunan bae. Urang dina enggoning ngalakukeun amalan dzikir, sok rajeun pungkal-pengkol, urang leukeunan bae, ulah bosen. Saperti ayeuna urang sarumping ka Suryalaya, teu bosen, nu jauhna, nu deukeutna bisa kumpul sakieu rempegna, bari jeung diikhlaskeun, diridokeun, ulah asa kapaksa, bari indit rasa kapaksa, bari datang gegelendeng, tah ulah kitu. Jadi kudu sumerah sadrah. Indit teh rek ngaji. Indit teh rek ibadah, supaya meunang balesan ti Gusti Allah. Abah oge nganjurkeun ka para ikhwan supaya dina ngamalkeun dzikir sing bener-bener. Eta pisan anu rek meunang pangampura Allah.

Didawuhkeun ku Nabi:

mang qoola laa ilaahha illalloohu wa mad-da hhaa bit-ta'zhiimi hudi mat lahhuu arba'atun aalaafi dzambim minal kabaa-iri.

Saha jalma anu dzikir sakali, tapi bener-bener ngeusi, 4000 dosa gede dihampura ku Allah.

Sakali eta teh. Urang berkali-kali ngucapkeunnana. Mangka anu dimaksud, nyaeta ngucapkeun dzikir sakali bari jeung dipanjangkeun atawa ditalikeun, disangreudkeun kalawan maksud ngagungkeun Allah. Ari urang mah teu nyangreud, teu nali, atuh patarik-tarik, eeh lalesot bae.

Aya patarosan ti para sahabat, kumaha cara dzikir anu dihampura dosana? Dawuhan Nabi: "Ngarembet pangampura Allah teh ka ahli-ahli maranehna, jeung ka tatangga-tatanggana", nu matak ulah saruana lamun tatangga urang nyalahkeun, mudah-mudahan bae urang dzikir sing meunang pangampura ti Allah, nu matak ulah saruana, batur keuheul, batur moyok, milu. Ulah! Tah ieu teh jadi tantangan keur urang sadayana. Jadi di mana datangna musibah teh kudu sabar, teu kudu make ngalawan, cekcok teu puguh.

Di mana urang keur maju, di mana keur datang nikmat, syukur, supaya urang mingkin maju, mingkin ningkat, mingkin dipelihara. Tah ieu teh ngausahakeunnana geusan urang bisa nincak ka beulah dinya, ku dzikir, anu dzikirna ngeusi dina ngucapkeun la ilaha illallah, ngeusi.

Ngaranna ge ngeusi, atuh jadi euweuh deui anu sejen salian ti Allah. Tah rasakeun bae ku urang, di mana urang ngentrung, lodong kosong. Ari nu ngeusi mah ngabep-bep, tah ku dzikir, tapi sanajan bari culang-cileung, tingkatkeun nepi ka urang khusu.

Tah dzikir teh senjata keur ngagorok diri, diri supaya jadi lemes. Pek ayeuna mah geura tapakuran, dunya teh meujeuhna keur pepelakkan akherat. Urang teh di dieu keur pepelakkan, melakkeun kahadean. Melakkeun kahadean ku tutulung ka batur, melakkeun sholat, melakkeun sedekah, somawonna gede tapak dzikir, Insya Allah maksud hade urang tinekanan, di mana urang ngalakukeunnana bener-bener.

Ieu oge kudu jadi perhatian, ngamalkeun dzikir ulah sadaek-daek bae. Di mana urang berjama'ah kudu rempeg, ampeg, berbobot, ulah sadaek-daek, belaan narikan sora tibatan batur, eta teh ngagokkan ka batur. Heug sing sarua, sing sanada, sing saimbang, beuki lila beuki ningkat. Nu rek diarah ieu teh di jero ingetan urang, rasa urang, kamesraan urang, kacintaan urang, kasetahdirian urang ka Gusti Allah. Ari teu apik jeung ati-ati mah moal kapanggih atuh ari padu dzikir bae bae mah, ngan ukur sakadar lumayan. Lain eta anu diarah, tapi bersihna hate supaya nyusup kana ingetan, tembus kana rasa, parat kana rasa cintana. Sakapeung-kapeung mah sing ngeusi dina hate rasa cinta ka Pangeran.

Sageuy teu hayang urang resep? Sageuy teu hayang urang nambah ka Allah anu ngayakeun urang? Anu ngadamel urang? Anu maparin urang? Anu deudeuh ka urang? Anu ngahampura kana sagala dosa urang? Sageuy teu hayang? Ari kanu sejen mah mani rasa cinta, resep, mahabbah. Naha ari ka Pangeran anu ngayakeun urang henteu? Tah ieu teh tapak dzikirna acan tembus. Tembuskeun tina ucap kana ati. Tina ati kana rasa. Tina rasa kana mesra. Tina mesra kana cinta. Tina cinta sing serah diri ka Pangeran.

Dzikir teh ngarupakeun jalan keur ngalebur, keur nyingkirkeun sagala sifat munapek. Ari di jerona teu diatasi mah tetep bae gogoda nafsu setan iblis moal ka bendung. Ibarat urang neundeun bebegig di sawah. Heueuh saharita mah manuk teh lalumpatan, ari geus lila mah daratang deui, malah dipake nyatu, modol dina bebegig teh. Ya Allah, sing horeng urang teh teu karasa ibadah dasarna teu bisa ningkatkeun, sabab keur dzikir ngalamun lir ibarat bebegig diisingan manuk. Nu kitu teh teu leleb, teu anteb, ngarupakeunnana teh lumayan bae. Diterangkeun dina al-quran: inni wajahtu. Lain lumayan, kenging saha eta teh ngabdina ka Gusti Allah. Tah jadi di dinya teh kudu dikoreksi, urang teh keur nyingkahan sagala rupa anu bakal mengparkeun, mengkolkeun, innii kungtu minadzh-dzhoolimiin, eusina eta abdi Gusti. Lain pinuh ku rumasana rempag geui, anteng deui, tepi nu teu rumasa aya deui, tah kalahkah dianteur, geus mengkol teh eeh dianteur, jalan-jalan jauh tepika pohona dzikir. Malah indit teu karasa keur dzikir, da inget kana pagawean, inget kana dagangan, da inget keur usaha leos bae, padahal manehna keur dzikir.

Nya ayeuna, mudah-mudahan aya akibatna keur urang. Muga-muga urang.

Muga-muga urang dijadikeun manusa anu salamet di dunya oge salamet di akherat, dijauhkeun tina malapetaka lahir jeung batin, dijadikeun manusa anu kuat iman islamna, dibukakeun pintu bagja jeung waluyana, dihampura tina sagala dosana, tungkul sumujud ka Gusti Nu Maha Suci, boh keur urang sarerea khususna anu hadir, umumna keur ikhwan jeung umat manusa sadayana.

Mudah-mudahan dina sagala perjuangan urang anu hade anu matak ngajadikeun laku lampah anu nurut kana agama anu ta'at ka nagara, sing dijadikeun manusa anu didamel ku Allah sholeh lahir batinna, salamet dunya akheratna, yaa mujiibassa-iliin, aamiin, yaa robbal 'aalamiin. Alfaatihah.


Dicutat tina: Mimbar PP.Suryalaya,
Manaqiban: 11 Rayagung 1410 H, 4 Juli 1990 M.

***
20 Wejangan Pangersa Abah - YSB Suryalaya