XtGem Forum catalog
KATERTIBAN DINA DZIKIR

Kahiji:
Dina dzikir bareng sing karaos nikmatna, ulah patonjol-tonjol sora dugika matak ngagokkanan kanu sanes.

Kaduana:
Ulah pagancang-gancang supaya mingkin tepat ngareusina.

Katiluna:
Dina waktu berjama'ah sholat, terutama dina peuting, ulah digunakeun tarik-tarik, terutama urang nyanghareupan tamu anu keur sarare, pribadi we masing-masing di mana bade berjama'ah dzikir.

Ieu mah katertiban, supaya urang mingkin kuat, mingkin pageuh.
Dina enggoning urang keur tawajuh sing teleb, sing lila, ulah gancang eureun, jadi lamun masakan mah encer deui. Dina keur tawajjuh teh aya puluh menitna, malah langkung lami deui ba'da sholat shubuh dugika kaluar panon poe (hattaa tathlu'asy-syamsu), jadi sahingga tepi kaluarna panon poe, disambung ku isroq. Tah ieu gunakeun ku urang, kacuali lamun aya amalan nu saimbang seperti urang keur kuliah subuh, atawa aya kaperluan anu bener penting, jadi teu matak ngagunasika. Ari kitu mah digunakeun sakadar hayang gancang nyaneut, hayang gancang ngobrol, atuh jadi cair deui, jadi moal pageuh-pageuh muntangna.

(disadur tina Wejangan Pangersa Abah - YSB PP. Suryalaya).