XtGem Forum catalog

FORMAT DATA KAMUS PIKEUN LOKA TARJAMAH INDONESIA-SUNDA (LTIS)

Diserat ku: Dian Tresna Nugraha <dian.nugraha@gmail.com> 2009-03-04

7-ZIP:

Berkas .7z nyaéta format kompresi data 7-ZIP anu langkung éfisién batan ZIP. Format 7-ZIP ieu tiasa dipurak ku program 7-zip (http://7-zip.org)

Dua rupa Berkas:

Tahap-tahap Narjamahkeun Data Anyar:

Format Data Kamus:

Dina kamus aya 9 kolom:

ID

:

Ngamuat kecap dina Bahasa Indonesia

Valid

:

Nétélakeun yén data kecap ieu bakal dipake dina sistem  LTIS

SU

:

Ngamuat tarjamahan dina Basa Sunda

Fn

:

Fungsi kecap, dituduhkeun ku hurup leutik kasebut di handap ieu:

a: kecap sipat (ajektiva)

ad: kecap katerangan (adverba), nuduhkeun tempat, waktu jsb.

b: kecap bilangan

c: kecap sambung

m: kecap modalitas

n: kecap barang

pn: kecap gaganti barang (pronomina)

pv:

r: kecap alok (kata seru)

q: kecap tanya

v: kecap pagawéan (verba) aktif

vi: kecap pagawéan (verba) dasar (anu tacan dirarangkénan me-, di-, -kan, jsb.)

vp: kecap pagawéan (verba) pasif


NFn

:

Fungsi kecap anu nuturkeun tarjamahan ieu.

Pilih salah sahiji anu aya dina daptar Fn atanapi dikosongkeun.

Ctx

:

Kontéks / kategori kecap *), misalna:

awak
tempat
waktu
alat

Form

:

Wangun kecap *), misalna:
rundayan
rajekan
asal

Root

:

Kecap asal *)

Editor

:

Ngaran / email anu ngédit data kamus ieu. Pikeun administrasi.

*) Kolom ieu henteu pati penting. Tiasa dikosongkeun.

Conto 1:

ID

Valid

SU

Fn

NFn

Ctx

Form

Root

Editor

sakit

1

gering

v


-

-

gering

MH

sakit

1

nyeri

v

n

-

-

nyeri

MH


Data kasebut nujul sakumaha anu ditétélakeun ku kang MH:

upama /sakit/ sosoranganan teu disusul ku kecap barang bisa ditarjamahkeun /gering | udur/, tapi upama /sakit/ disusul tepus ku kecap barang tarjamahana jadi /nyeri/ contona:
sakit gigi := nyeri huntu
sakit kepala := nyeri sirah
sakit hati := nyeri hate

Conto 2:

ID

Valid

SU

Fn

NFn

Ctx

Form

Root

Editor

kepala

1

kapala

n

n

-

-

kapala

MH

kepala

1

sirah

n


-

-

sirah

MH


Data kasebut nujul sakumaha anu ditétélakeun ku kang MH:

upama /kepala/ sosoranganan teu disusul ku kecap barang bisa ditarjamahkeun /hulu | sirah/, tapi upama /kepala/ disusul tepus ku kecap barang tarjamahana jadi /kapala/ contona:
kepala sekolah := kapala sakola
kepala polisi := kapala pulisi
kepala rumah sakit := kapala rumah sakit