Lamborghini Huracán LP 610-4 t
QURROTUL 'UYUUN
Syekh Ahmad Jauhari 'Umar
As-Saruwani
Terjemah bahasa sunda
Mimitina ieu kitab diserat ku Syekh Ahmad Jauhari As-Sarwani, teras dimasyhurkeun ku para ulama jumhur dina pangaosan pirang-pirang pasantren. Salajengna ieu kitab rengse diterjemahkeun dina bahasa sunda ku:
Ust.Asep Mulyana
Ar-Rapuhani
dina ping 30 April 2011 M/26 Jumadil Awal 1432 H. Salajengna diedit, disusun sarta dipublikasikeun ku
Abdul Ghoets
At-Taluni
Bismillahhir Rohmanir Rohiim

Teu aya puji nu langkung patri ka Gusti anu maha raspati, ti lambeuyna para Nabi, kiayi rawuh santri, beh dituna jalmi anu saagami, lintang ti syukur sagemblengna nyumangga ka Dzat Alloh Anu Maha Toeksa Saniskara.

Sholawat miwah salam kawilujeungan, mugia salalamina digoloncorkeun ka Paduka Agung anu mulya, yakni Habibana Wa Nabiyana Muhammad saw.
Perkawis hukum nikah eta aya lima:
1. Wajib: Kanggo jalmi anu kawasa (gaduh modal) sareng mikasieun kana tibana zina kusabab tinggalna tina nikah.
2. Sunnat: Kanggo jalma anu ngarep-ngarep kana katurunan tur eta jalma teh henteu ngarasa sieun kana tibana zina ku sabab tinggalna nikah.
3. Makruh: Kanggo jalma anu henteu mikaresep kana pernikahan sareng henteu ngarep-ngarep kana katurunan tur ku ayana eta jalma nikah teh matak megatkeun tina ibadah kanggo eta jalma salian ti ibadah wajib.
4. Mubah: Kanggo jalma anu henteu sieun kana tibana zina oge henteu ngarepkeun kana katurunan tur ku ayana eta jalma tinggal tina nikah teh henteu matak meggatkeun (ninggalkeun) tina ngalaksanakeun ibadah salian ti ibadah wajib.
5. Haram: Kanggo jalma anu mana dina saba'da ngawati (nikah) matak ngamadaratkeun kanu janteun istri (pamajikan), sabab nganapakahan (ngasab) tina barang anu diharamkeun.

Qauluhu:
* Walmahhru Washiighotu Wajjaojaani
* Tsumal walii jum'atul arkaani.


Maksadna:
Ari Syarat Rukun Nikah eta aya lima, nyaeta:
1. Aya mas kawin.
2. Aya ijab-qobul.
3. Aya panganten lalaki.
4. Aya panganten istri.
5. Aya wali.

Tapi saur pendapat Imam Hotib, ari rukun dina nikah mah eta aya 2, nyaeta:
1. Salaki.
2. Pamajikan.
Sedengkeun ari syarat dina nikah eta aya 2, nyaeta:
1. Wali.
2. Segat.

Anapon ari maskawin mah teu kedah di itung-itung, etamah teu kalebetkeun syarat oge teu kaasupkeun rukun dina pernikahan.
Perkawis hadits (dawuhan Nabi) anu nerangkeun dina rangka ngajak-ngajak oge ngareresep kana nikah eta kedah saseueurna, sapertos anu diriwayatkeun ku Imam Ahmad dina hikayatna:

Di jaman rosul aya hiji lalaki (jajaka) anu namina Ki Ukap. Kangjeng Rosul naros: "Heh Ukap, naha anjeun gaduh?". Ukap ngawaleur: "Heunteu!". "Boga amat?". Ukap ngawaler deui: "Henteu!". Saur Rosul: "Naha anjeun make jeung heunteu boga pamajikan (teu nikah)?". "Teu boga amat?". "Apan anjeun teh Jalma anu alus (kasep) tur beunghar?". Saur Kangjeng Rosul saterasna: "Maneh teh tina sawarehna dulur setan, tapi lamun maneh ti golongan agama nasroni tangtu maneh geus jadi pandeta".

Margi dawuhan Kangjeng Rosul saw ge:
Inna mingsunnanin nikah syaroorokum 'Ujabukum aroodilu amwatukum 'ujaabukum.
"Saenya-enyana eta tetep tina sapalihna sunat kami nyaeta nikah, sabab panggoreng-gorengna di antara aranjeun kabeh anu henteu kawin (lalagasan), sareng panghina-hinana maot di antara aranjeun kabeh teh jalma anu maot bari masih keneh lelengohan (can kawin)".

Salajengna dawuhan Nabi saw:
Yaa m'asyaroosy syabaab manistatho'a mingkum walbaa-ah palyatazawaj.
"Heh golongan pamuda, sing saha wae di antara aranjeun kabeh anu boga bekel (biaya) mangka kudu kawin".

Malah dina hiji riwayat, dawuhan Nabi saw:
"Sing saha wae jalma anu ngabogaan kakawasaan, oge sing saha wae jalma anu ngabogaan biaya, mangka kudu kawin. Sabab ku ayana kawin (pertikahan teh) matak meureumkeun kana panon. Oge matak ngaraksa kana pana parji, tapi upami keur jalma dinu teu kawasa mah keudah saum. Sabab ku ayana saum teh matak mareuman kana syahwat".

Hadits-hadits Nabi saw anu sanesna:

Dawuhan Nabi saw:
"Lalaki atawa istri disebut miskin di mana eta lalaki atawa eta istri teh teu kawin, sok sanaos eta istri atawa eta lalaki teh beunghar".

Dawuhan Nabi saw:
"Sing saha wae jalma anu beunghar terus henteu kawin, mangka eta jalma sanes ti umat kami".

Dawuhan Nabi saw:
"Di mana hiji pameget tos narima kawin, mangka tos sampurna satengah agamana".

Dawuhan Nabi saw:
"Sing saha wae jalma anu nikah (kawin) karena Alloh, mangka Alloh bakal nyukupan ka eta jalma, oge eta jalma bakal di raksa ku Alloh".

Dawuhan Nabi saw:
''Ari nikah teh sunah kami, sing saha jalma anu mikacinta ka kami mangka kedah turut kana sunah kami".

Dawuhan Nabi saw:
"Ari nikah teh sunah kami, sing saha jalma anu mika ngewa (heunteu resep) kana nikah, sanes umat kami".

Dawuhan Nabi saw:
''Kedah narikah aranjeun kabeh. Kedah ngarundaykeun turunan aranjeun kabeh, sabab kami oge anu nyeueurkeun ka aranjeun kabeh ka pirang-pirang umat dina poe kiamah".

Dawuhan Nabi saw:
"Saenya-enyana kami ngarasa bungah (bangga) ka arajeun kabeh ka pirang-pirang umat dina poe kiamah, sahingga karuron (gugur)".

Dawuhan Nabi saw:
''Sing saha jalma anu tinggal tina nikah (teu kawin) karana sieun miskin (sangsara), mangka lain umat kami, tur Alloh bakal ngawakilkeun ka eta jalma kalayan dua malaikat anu pada naruliskeun duanana antara dua panona eta jalma kalawan anu neler-neler kana anugrah (paparin) ti Alloh. Saur Alloh: "Kudu bungah anjeun kalawan rizki anu saeutik".

Dawuhan Nabi saw:
''Sing saha jalma anu nikah karena Alloh maka eta jalma narima ngahak kana kakawasaan Alloh."

Dawuhan Nabi saw:
''Ari kaunggulan (kautamaan) jalma anu tos berkeluarga (tos nikah) tinimbang jalma anu can nikah (bubujangan) tur ibaratkeun jalma anu jihad lewih utama tinimbang jalma anu cicing (diuk). Sareng ari dua rokaatna jalma anu tos berkeluarga langkung sae tinimbang 82 rokaatna jalma anu lalagasan (can nikah)".

Dawuhan Nabi saw:
''Ari dunya teh perhiasan, sareng ari pangsaena perhiasan dunya nyaeta istri anu sholeh".

Ngadawuh Nabi saw:
Henteu pati-pati ngalap hiji jalma anu mu'min dina saba'da takwa ka Alloh anging leuwih alus kanggo eta jalma anu mu'min tina jadi istri anu sholeh. Saumpami jalmi anu mu'min ninggal ka eta istri, sok ngabungahkeun. Saumpami eta jalma anu mu'min sumpah, mangka eta istri sok ngaluskeun (muji). Saumpami eta jalma anu mu'min teu aya di bumi, eta istri sok ngaraksa tina dirina oge anu janten hartana anu mu'min (harta salaki).

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
''Sing saha jalma anu nikah ka hiji istri karana kamulyaan, mangka Alloh nambahan ka eta jalma kana kahinaan. Sareng upama karana dasar hartana, mangka Alloh bakal mere kapakiran. Oge upama karana dasar kageulisan, mangka Alloh bakal nambahan ka eta jalma anging kahinaan".

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
''Tapi sabalikna sing saha wae jalma anu nikah lain karena naon-naon, ngan saukur bade meureumkeun panon, ngaraksa kana parji, bade nepungkeun baraya (dulur), mangka Alloh bakal ngabarokahan ka eta jalma dina eta pertikahan. Sareng Alloh bakal ngabarokahan kanu janten istrina tina anu janten salakina".

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
''Sing saha jalma (bapa) ngagaduhan putra tur eta anu janten bapa teh beunghar (mampu) kana ngawinkeunana eta putra, terus eta anu janten bapana henteu ngawinkeun anu janten putrana, terus anu janten putrana teh ngalakukeun zina, mangka dosana eta zina kanggo duaan, kayaning anakna sarta bapana".

Ngadawuh Nabi saw:
"Kawin kanu janten istri karena opat perkara:
1). Karana hartana.
2). Karana katurunannana.
3). Karana kageulisanana.
4). Karana agamana.

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
"Saha jalma anu hoyong patepung sareng Alloh bari kaayaan suci tur di sucikeun, mangka eta jalma kedah kawin (nikah) ka awewe merdika (sanes ka abid/amat)".

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
''Opat kabagjaan keur manusa:
1. Gaduh istri anu sholeh.
2. Putra anu aralus.
3. Babarengan sareng jalmi sholeh.
4. Meunang rizki di lemburna (heunteu nyaba)".

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
''Pangalus-alusna istri umat kami nyaeta pang ngagebur-geburna (pang moncorongna) wajahna oge pang saeutik-saeutikna emas kawina".

Ngadawuh deui Kangjeng Nabi saw:
''Kudu karawin aranjeun ka istri anu loba ngalahirkeunnana (heunteu mandul), sabab kami oge anu ngalobakeun umat ka aranjeun kabeh".

Kanjeng Nabi kantos naros ka Jaed bin Sabit:
"Hey Jaed, naha anjeun kawin teu?".
Diwaler ku Jaed bin Sabit: "Heunteu". Teras Nabi saw ngadawuh: "Kudu kawin anjeun, sabab bakal pengkuh pamajikan anjeun, kusabab pengkuh anjeun".

Oge saur Nabi saw: "Kade anjeun ulah kawin kanu lima ieu:
(1) Istri anu biru panona.
(2) Istri anu jangkung begang.
(3) Ka nini-nini.
(4) Ka istri anu pendek (anu beke).
(5) Ka istri anu boga anak ti batur (Randa kadua anak).

Saur Mu'ad bin Jabal:
''Ari sholatna Jalma anu geus kawin (berkeluarga) eta langkung unggul ti nimbang sholatna 40 jalma anu lalagasan (bujangan)".

Saur Ibnu Abbas:
''Kudu karawin aranjeun, sabab ibadah sapoe jalma anu geus kawin langkung sae tinimbang ibadah sarebu tahun''.

Dina hadits dicarioskeun:
"Bakal kajantenan manusa-manusa dina hiji jaman, anu mana dina eta jaman teh saurang lalaki bakal ruksak (cilaka) kulantaran parentah nu jadi anakna (pamajikan jeung kolotna), sahingga eta pamajikan, kolotna oge nu jadi anakna sok nibakeun kana kapakiran, tur eta pamajikanana, bapa sarta anakna teh sok meredih ka manehna kana barang anu teu mampu, anu akhirna manehna rela ngajual agamana (leungit agamana), kumargi ngagugu (nurut) kana kahoyong anu janten pamajikanana, bapa, oge anakna".
Ari manfa'atna nikah eta kacida seueurna. Anu di antarana:
1. Meureumkeun panon.
2. Ngaraksa parji.
3. Ngarepu katurunan anu seperti mutiara.
4. Ngabersihkeun hate.
5. Nguatan hate kana ibadah.
6. Ngareureuhkeun hate tina ngurus imah (dunya).
7. Ngalatih napsu kanu hakna.
8. Ngalap cukup.
9. Ngusahakeun kabeungharan.
10. Ningalina manusa kana nikah anu matak ngajadikeun sono kana kanikmatan sorga.

Tina sapalihna deui kautamaan nikah, nyaeta:
  • Unggulna nganafakahan kanu janten kaluarga kalayan niat anu sholeh, sahingga Nabi saw ngadawuh:
    ''Saenya-enyana eta tetep tina mangpirang-pirang dosa aya hiji dosa anu moal bisa dikifaratan (ditebus) ku sholat, ku puasa, atawa ku jihad, anging ku nganafakahan pikeun anu janten kulawarga".
  • Bisa turutna (taatna) anu janten istri ka salaki, sahingga Abu Bakar r.a. ngadawuh:
    ''Saur Kangjeng Nabi, yen saenyana Nabi saw nitah sujud nu jadi istri kanu jadi salaki, tetela kami oge rek nitah sujud kanu jadi istri sangkan sujud ka salaki.''
  • Kedah diperhatoskeun mas'alah sakupu (anu cocok) sareng nikahna kedah diniatan seja turut kana sunat nabi.
  • Soal fitnah (cocoba) nikah:
    ''Apes teu mampu ngabiayaan kubarang halal kanggo hak-hakna nu janten pamajikan, sahingga nganafakahan ku barang anu haram".

    Saur Syekh Soleh Abu Bakar Al-Waroya:
    ''Saenya-enyana syahwat matak ngajantenkeun teuasna hate, anging syahwatna jima (anu geus nikah), sabab syahwatna nikah matak ngabersihkeun kana hate".

    Nabi saw ngadawuh:
    "Tilu perkara anu dipikacinta ku kami:
    1. Seuseungitan.
    2. Pirang-pirang istri.
    3. Sholat".
    Ancaman Keur Para Istri:
  • Sing saha jalma anu narikeun soarana di hareupan anu jadi salakina, oge sing saha wae istri anu nganafakahan (beunghar) kanu janten salakina, teras eta istri teh nganyerikeun kanu janten salakina, mangka bakal ngala'nat sakur perkara anu kasinaran ku panon poe. Oge Alloh bakal ngahijikeun eta istri teh jeung Fir'aun.
  • Sing saha wae istri anu nyokot tina harta anu janten salakina bari tanpa izin, mangka bakal digolongkeun dina poe kiamah jeung 70 golongan bangsat dina pada berdosana.
  • Sing saha wae istri anu daek babarengan jeung lain salakina, (sanes mahramna), mangka Alloh bakal nempatkeun ka eta istri dina poe kiamah di pinggir naraka jahanam.
  • Sing saha wae istri anu menta-menta kanu jadi salakina anu di luar kemampuhan salakina, mangka eta istri dina poe kiamah bakal dipanjangkeun siksaannana.
  • Sing saha wae istri anu merengut di hareupeun salakina (heunteu daek senyum), mangka eta istri bakal dihideungkeun beungeutna dina poe kiamah.
  • Sing saha wae istri anu daek ngalaan pakean (nembongkeun oratna) lain di imah salakina, mangka eta istri bakal narima kana dosana sakabeh jalma anu maot. Sareng Alloh moal narima ibadahna, boh anu pardu atawa anu sunat.
  • Waktu (bulan) anu dianggo pertikahan, disunatkeun dina bulan Sawal, oge bulan Romadon, sabab Kangjeng Nabi saw nikahna ka Siti Aisyah teh dina bulan sawal. Oge bulan anu disunatkeun teh nyaeta bulan Muharam. Saur Imam Jalail dina kitab Jaami'ulus shogiir:
    "Dalapan poe tina mang pirang-pirang bulan teu kenging dianggo kanggo perkara anu penting, sapertos dianggo nikah, dianggo dagang (nyaba), ngeduk sumur, oge melak tatangkalan. Diantarana, nyaeta:
    1. Dina dinten rebo akhir bulan. Sabab eta poe teh poe apes (matak cilaka), lantaran dikeremna Fir'aun sarta kaumna. Oge dina eta poe diruksakna kaum Ad, kaum Samud, sarta kaum Nabi Sholeh a.s. Malah dawuhan para sahabat, dina eta poe teh (poe rebo) ulah dianggo ngeureutan kuku, sabab ngawaris kana corob.

    2. Dinten ka-3 tina pirang-pirang bulan.

    3. Dinten ka-5 tina pirang-pirang bulan.

    4. Dinten ka-13 tina pirang-pirang bulan.

    5. Dinten ka-16 tina pirang-pirang bulan.

    6. Dinten ka-21 tina pirang-pirang bulan.

    7. Dinten ka-24 tina pirang-pirang bulan.

    8. Dinten ka-25 tina pirang-pirang bulan.

    Dina sapalihna deui dinten anu ulah diangge nanaon, nyaeta:
    1. Poe sabtu. Saur Kangjeng Rosul saw, eta poe teh tina sapalihna poe anu ulah diangge nanaon, lantaran eta poe teh poe tipu daya, anu mana baheula kaum Qurais pada kukumpulan di Darun Nadwah musyawarah pikeun nyilakakeun Rosul saw.

    2. Poe salasa ( poe dikocorkeunnana getih). Sabab dina eta poe teh maehannana Ibnu Adam ka dulurna, dibunuhna raja Harjes, Zakaria a.s, Yahya a.s sarta putrana Yahya, tukang sihir Fir'aun anu iman, sarta Siti Asiah putrana Mujahim (istrina Fir'aun), jeung dipaehanana sapi Bani Israil. Oge Kangjeng Nabi saw ngalarang dina eta poe teh di canduk getih, sabab dina eta poe dikocorkeunna getih, diturunkeunana iblis ka bumi, diciptakeunana Naraka jahanam, diujina Nabi Ayub as, sareng dimaotannana Nabi Musa a.s sareung Nabi Harun a.s.

    Tapi saur Ibnu Yunus ti Malik, saurna:
    "Sadayana dinten teu aya bahayana, moal matak ngamadaratkeun kayaning bulan atawa poe-poe anu kantos dicarioskeun bieu, malah tiasa dianggo naon-naon, margi teu aya anu napakan halna Alloh, asalkeun sadayana diniatan karena Alloh, da matak ngamadaratkeun soteh pas tiba sareng kersaning Alloh".

    Sareng dawuhan Syekh Kholil:
    wa mal fikulli yaomi maa syita fainal ayama kulahal lohhu laatadhiru waalatanfa'u.
    ...blog ini masih dalam tahap penyusunan...
    Ghoets68