9. MANQOBAH KA 9 NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina memeh dzuhur poe salasa tanggal 6 bulan Syawal taun 521: "Kaula ningali Rosululloh SAW, teras nimbalan ka kaula. Dawuhanana: "He anak Kaula, naha maneh henteu geura muruk mitutur ka jalma-jalma?". Teras kaula unjukan: "Kumaha rek tiasa muruk mitutur, kapan abdi urang Ajam, ari ulama-ulama Baghdad anu sakitu parasehatna". Dawuhan Rosululloh: "Coba bukakeun sungut maneh!". Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan 7 kali. Saurna: "Jig, maneh geura muruk mitutur. Geura ngajak kana jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus". Saparantos kitu, tuluy kaula sholat dzuhur. Henteu kungsi lila, burudul jalma-jalma daratang kacida seueurna. Kaula ngadegdeg, jeung hate kaula ngageter, henteu bisa pok nyarita. Tidinya jol sumping Sayidina Ali ngadeg hareupeun kaula. Dawuhanana: "Naha lain geura pok muruk mitutur teh?". Unjukan kaula: "Ieu da hate abdi ngageter wae, gado noroktok." Dawuhan Sayidina Ali: "Coba calangap!". Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula: "Kumaha margina henteu tujuh kali?". Dawuhan Sayidina Ali: "Karana adab ka Rosululloh". Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya. Ari saparantos kitu mah, tuluy hate kaula caang, henteu aya naon-naon. Tuluy kaula muruk mitutur. ***